“Duh, meni norowélang kitu ngadongéngkeun Situ Panjalu. Na
urang mana kitu ujang téh?”
“Abi kawit mah ti Panjalu, Galuh palihan kalér.”
Ké mah kitu meureun mun aya nu nanya “ti palih mana” téh.
Dina KTP gé meureun ganti alamat kuring téh, jadi Kabupaten Galuh. Pon kitu
deui dina Google Maps, dina sakur data
digital nu geus kadung maké ngaran Kabupaten Ciamis, bakal ganti jadi
Kabupaten Galuh.
Engké mah Ciamis téh ukur jadi ngaran kacamatan, meureun. Da
apan ceuk dina catetan sajarah gé ngaran Ciamis téh geus aya ti jaman Kanjeng
Prebu jumeneng kénéh gé. Ngaran hiji wewengkon di Kabupaten Galuh harita, ngan
teuing béh mana. Boa anu ayeuna jadi kacamatan Ciamis téh, nya, Ciamis baheula.
Boa ogé Ciamis téh lain tina “ci” jeung “amis” dina basa Jawa sakumaha ceuk
sejarahwan jeung budayawan anu salila ieu sumanget pisan mun ngobrolkeun ganti
ngaran jadi Galuh? Ah, teuing atuh. Sajarah mah apan interpretasi. Tapsir jalma
jaman ayeuna dumasar kana titinggal jeung carita jalma jaman baheula. Antukna,
sajarah biasana mulang kana kayakinan séwang-séwangan.
Ngeunaan Galuh, kuring yakin jaman baheula kungsi aya
karajaan anu ngarana Galuh. Ogé kungsi aya kabupaten nu ngarana Galuh. Ceuk dina
catetan sajarah, Galuh kaasup karajaan anu umurna panjang. Sang Writekandayun
mimiti ngadegkeun Galuh abad ka-7 tur merdeka ti Tarumanagara taun 670 M.
Salila 900 taun Galuh ngadeg salaku karajaan di Pulo Jawa béh kulon. Aya kalana
jadi karajaan nu merdika. Aya kalana jadi taklukan Sunda, tatanggana. Kungsi ogé
jadi vassal Mataram tuluy robah jadi
kabupaten dina taun 1613.
Basa Amangkurat I nyakrawati di Mataram, Galuh jeung
sababara wewengkon Priangan séjénna dibikeun ka VOC. Panungtungan, Galuh jadi
jajahan Pamaréntah Kolonial Hindia Walanda. Taun 1915, R.A.A. Sastrawinata
ngaganti ngaran Kabupaten Galuh jadi Kabupaten Ciamis, teuing pédah naon. Can
aya sejarahwan anu mampu méré kamandang nu asup akal bari dirojong ku bukti anu
kuat ngeunaan alesan sabenerna Sastrawinata ngaganti Galuh jadi Ciamis,
Kuring mah teu ngalaman jaman Galuh. Jeung sigana moal aya
nu kungsi ngalaman da asa pamohalan aya cacah Ciamis nu lahir tahun 1914,
umpamana, heug ayeuna hirup kénéh. Kabéh nu hirup kiwari apal Galuh téh ukur
tina catetan sajarah. Kareueus nu tumuwuh éstu ladang imajinasi koléktif. Teu
nanaon. Da kitu manusa mah.
Ngeuaan Ciamis jadi Galuh anu cenah kari saléngkah deui,
kuring mah, nya, nuturkeun wé. Da mun ngomong teu satuju geus lain wayah.
Sabenerna lain teu satuju. Ngan keur kuring mah leuweuh hadé mun lain ukur
ganti ngaran, tapi ogé ganti sagala rupana, utama ngaganti hal-hal goréng di
jaman Ciamis ku nu leuwih hadé di jaman Galuh.
Upamana kieu, ngaganti kabiasaan korupsi ku kabiasaan
shodaqoh. Ilaharna, oknum ASN atawa pajabat nu madog duit rahayat. Upamana waé
meuncit dana hibah ku cara nu meunang hibah kudu méré angsul ka si oknum.
Itung-itung mulang tarima geus mangnyairkeun duit. Hal kitu téh geus guyub
pisan. Geus teu diitung korupsi nu kitu mah, tapi tradisi. Mun teu méré ké moal
dibéré deui dana hibah atawa bantuan-bantuan séjéna. Kabéh nu kasebut Aparatur
Sipil Negara pasti apal kana nu kitu patut.
Lah, mun ngarah warani balaka mah di Ciamis gé sarua. Ngan
arembung balaka da sieun teu cair téa. Tah, isukan mun geus jadi Kabupaten
Galuh, rék araya kénéh model babadog kawas kitu? Mun di Pemkab Galuh aya kénéh
nu kitu, asa mending teu kudu ganti ngaran. Éra.
Apan ganti ngaran téh ceuk kuring mah hiji hal nu ekstrim.
Mun ninggang di jelma gé sarua riweuhna. Dina lalaku tradisi, jelma nu rék
ganti ngaran kudu ngabubur bodas jeung bubur beureun. Dina aturan moderen,
jalma nu rék ganti ngaran kudu nepi ka pengadilan. Biasana alesan ganti ngaran
téh lantaran hayang ninggalkeun nu goréng tina ngaran saacana tur nyorang kahadéan
ku ngaran nu anyar. Tah, nyorang kahadéan téh kapan kudu diikhtiaran da moal
ujug-ujug hadé pédah ganti ngarah jadi Galuh. Artina, kudu diikhtiaran, kudu
dijieun sistem, regulasina, jeung programna sangkan nu garoréng basa jaman
Ciamis moal aya deui di jaman Galuh mah.
Lamun masrahkeuna kana kasoléhan séwang-séwangan tapi sistem
jeung régulasina anggér, asa pamohalan bakal aya perobahan. Ké téh anggaran
ganti ngaran kalah jadi bancakan babadog wé.
Lian ti ngaganti tradisi korupsi ku shodaqoh, leuwih hadé
mun ganti ngaran téh dibarengan ku ayana program pamaréntah pikeun
ngaronjatkeun karaharjaan kumna masyarakat Tatar Galuh. Karaharjaan di dieu
maksudna dina widang anu lega, lain ukur babagi raharja waragadna wungkul. Programna
ulah nu kungsi aya, tapi nu anyar, nu leuwih matih jeung anti korupsi.
Mun teu kitu-kitu acan, atuh naon hadéna ngaganti ngaran?
“Lagu lama kasét baru” atuh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar