Rabu, 30 Januari 2019

Lengser Postmodern

Ulah dianggap cologog nya, Wa. Uing mah ukur hayang nanya, nyacapkeun kapanasaran. Ari Uwa Léngsér téh sabenerna saha? Cenah aya nu nyebut Uwa téh Batara anu sakti mandraguna, anu salah sahiji tugasna ngurus jeung ngingetan raja. Dina implengan uing mah meureun siga Dewan Pertimbangan Presiden jaman ayeuna. Aya ogé nu nyebut Uwa téh sarupaning Semar dina lalakon wayang. Ongkoh rahayat, purah ditutah-titah tapi dihormat leuwih-leuwih ti pangkat Patih. Malah sakapeung sok wani nyarékan raja. Uwa téh cenah simbol masyarakat leutik anu naif, polos, lucu tapi ogé pinter. Loba akal anu teu disangka-sangka.
Jih, naha kalah malik nanya? Apanan uing nanya téh pédah teu apal anu sabenerna. Apal sautak-saeutik téh ladang tatanya, ladang ngobrol jeung para budayawan jeung maca sakotrét waé mah ngeunaan Uwa. Tapi da dina bacaan téa sok kalah réa vérsi. Komo tatanya ka jalma mah, beuki anéh jeung réa deui waé vérsina anu lamun disambung-sambung mah lain kalah nyambung ieuh tapi kalah siga benang pajeujeut, lieur mémérésna. Ulah boro ngeunaan carita jeung asal-usul, kadar sesebutan gé apanan rupa-rupa. Aya nu nyebut Aki Léngsér, aya nu nyebut Batara Léngsér, aya ogé nu ngauwakeun, jadi nyebutna Uwa Léngsér. Uing mah rék nyebut Uwa wé nya ngarah jiga nu loma. Apanan keur usum ngauwakuen ka saluhureun ayeuna mah.
Apanan ceuk uing gé bieu matak lieur da loba vérsi téa. Tapi da kitu meureun ari nu ngarana carita rakyat mah. Teu bisa dipanjara dina hiji carita tunggal anu ngandung kacindekan absolut da carita rakyat mah lain perkara hukum atawa sains, lain perkara  salah jeung benerna carita. Nu leuwih utama nya meureun perkara eusina anu cenah ngandung siloka jeung sasmita, teuleumaneun anak incu jangeung bekel milampah hirup.
Ayeuna mah kitu, Wa. Uwa gé apal sorangan meureun. Kangaranan Léngsér pasti identikna jeung upacara adat mapag pangantén. Aya ogé nu nyebutna upacara pangbagéa atawa ukur prosési seni mapag pangantén. Tapi dina carita pantun Mungdinglaya Dikusumah asana teu kitu ieuh lalakon Uwa téh. Dicaritakeun Léngsér téh hiji jélma utusan raja. Malah apanan kacaturkeun Léngsér Muara Bresbes jeung Léngsér Pajajaran perang tanding, gelut rongkah marebutkeun honjé. Kabayang saktina Uwa nepika euweuh nu meunang euweuh nu éléh cenah.
Kutan? Kakara ngadéngé? Jih, naha Uwa teu apal kana sajarah sorangan geuning? Kadé, ah, Wa! Bisi beunang ku paribasa jati kasilih ku junti. Arisi heueuh ayeuna téh jaman modérn, malah mah postmodérn cenah ceuk para sarjana mah. Jaman saenggeus modérn anu sarwa liur, likuid, cair. Geus teu jelas watés-watés antara hiji hal jeung hal nu sején. Kaasup geus pacampurna anu modérn jeung tradisi. Postmodérn téh cenah mangrupa réspon tina modérnitas anu geus dianggap dékadén, geus teu kompatibel jeung kaayaan manusa jaman kiwari anu sarwa hibrid.
Puguh éta ogé anu jadi pikiran uing. Naha Léngsér anu ayeuna aya dina upacara adat mapag pangantén téh Léngsér postmodérn? Atuda rék teu kapikiran kumaha? Lamun énya Uwa téh Batara, asa kaleuleuwihi lamun Barata ngabodor bébéakan népi ka jujungkiran. Jeung asa teu pantes wé. Katambah ayeuna mah geus ilahar lamun aya Uwa Léngsér pasti aya Si Ambu. Di sababaraha panggung sakapeung Si Ambu téh purah dipaénkeun ku awéwé asli. Tapi teu saeutik ogé anu dipaénkeun ku lalaki anu dangdan jiga awéwé. Ih, sabeuleugeunjeurna, Wa. Malah sok maké kutang anu dieusian ku bubuntelan atawa balon ngarah katempo siga susu alias pinarep téa. Bujur wé dibantalan ngarah siga nu demplon.
Rupa-rupa, Wa. Aya kalana Si Ambu téh jiga nini-nini. Kolot, bongkok, maké kabaya. Meureun ngarah serasi jeung Uwa, sarua kolotna. Tapi ayeuna mah aya ogé Ambu Léngsér anu ngora, dangdan geulis jiga Chelse Islan, maké high heels, maké bulu mata geus alahbatan Syahrini, jeung sajabana. Dangdanan Léngsérna gé geus araranéh. Karakterna gé rupa-rupa. Aya Léngsér anu teu béda jeung pamaén calung. Maksudna tukang ngabodor. Bodor wé jeung bodor. Aya Léngsér anu daria tur wijaksana lir enya-enya kolot anu ngurus kawinan budakna. Aya ogé anu campur antara daria jeung bodor. Lah, pokokna mah geus rupa-rupa intérprétasi nguenaan wujud jeung karakter Uwa téh.
Kuduna gé uing nu nanya, saha ari Si Ambu téh? Naha bener éta pamajikan Uwa? Selingkuhan? Kabogoh? Anak? Atawa incu? Jih, uing mah nyaritakeun téh ladang nempo wé. Da apanan kitu kaayaanana di panggung hajat mah. Kosi sih uing ngadéngé kasang tukangna ngeunaan ayana Si Ambu dina upacara mapag pangantén basa keur miluan Pertemuan Teknis Pasanggiri Mapag Pangantén di Cimahi taun 2018. Harita Kang Édi Mulyana, dosén tari ISBI Bandung, nyarita. Hiji waktu anjeuna jeung baladna, Kang Lili Suparli, dosén karawitan ISBI Bandung, kaul dina hajatan salah sahiji seniman. Uing poho deui saha ngaranan. Tah, kangaranan kaul, jaba hajat seniman sénior, loba tah anu hayang aub ngarojong. Saenggeus dibagi-bagi peran saha anu nari ieu saha anu bagéan itu, aya salah saurang awéwé anu teu kabagéan peran. Nya ku Kang Édi jeung Kang Lili tuluy wé dijadikeun Ambu. Tugasna maturan Léngsér. Kitu dongéng Kang Édi mah. Tapi teuing. Naha ti saprak harita ayana Ambu téh? Atawa geus aya ti saméméhna?
Ih, saha nu nyebut dosa? Sah-sah waé ceuk uing mah da kasenian mah lain agama. Agama gé apanan tuluy ngigelan jaman. Miindung ka waktu mibapa ka jaman. Tungtungna mah urusan karesep, Wa. Uing pribadi mah teu pati resep kana Léngsér anu motah kaleuleuwihi. Kitu deui Ambuna. Sok sanajan uing ogé remen kacida sapanggung jeung nu modél kitu. Tapi loba ogé anu ngidolakeun paripolah Léngsér anu motah, anu lamun manggung téh sok nepi ka lécét tuur alatan labuh da ngibingna bébéakan jiga nu weureu ciu juhlas botol. Payu, cenah. Léngsér anu teu motah, nu teu pikaseurieun mah sok tara kaajakan manggung.
Bingung ogé uing, Wa. Heueuh, baheula mah cenah mapag panganten téh kudu khusu, khidmat da nikah téh upacara anu sakral. Lain lalaworakeuneun, komo ukur bobodoran. Nikah téh lain ukur perkara kadunyaan tapi ogé aya diménsi spiritualna. Malah mun bisa sakali saumur hirup. Naha pantes hiji hal anu sakral direureuah ku bodor anu kamalinaan jiga nu keur usum ayeuna? Jaman baheula gé aya meureun bobodoran dina hajatan mah. Hiburanana. Tapi lain eukeur mapag calon atawa pangantén meureun. Aya waktuna séwang-séwangan. Ari jaman ayeuna, énya jaman postmodérn téa, geus pacampur nu mana nu sakral nu mana nu profan. Nu mana nu daria nu mana nu heureuy.
Tapi, jigana lain ukur seniman upacara adatna anu robah, Wa. Masyarakatna gé geus ngiser meureun. Pandangan masyarakat kana upacara pernikahan téh geus béda meureun jeung jaman aki nini uing baheula. Ayeuna mah nu ngarana upacara téh, upacara naon waé, sigana leuwih beurat kana pesta, party téa ceuk urang deungeun mah. Haha hihi malulu. Barina gé cenah mah ngararamé nu kawin ku prosési seni nu ayeuna ilahar disebut upacara adat mapag pangantén téh atawa upacara pangbagéa, éta téh kamonésan seniman Sunda béh dieu. Ceuk Kang Godi  Suwarna mah éta téh alpukahna Wahyu Wibisana, mun teu salah. Jadi lain titinggal Prabu Siliwangi atawa Prabu Niskala Wastu Kancana.
Nya aya meureun baheula gé nu ngarana upacara jatukrami mah da di unggal kabudayaan gé pasti aya waé. Tapi pan urang teu apal kumaha bentuk jeung tata carana. Pegat, Wa. Teu jiga di kabudayaan Jawa anu cenah mah puguh bisa dipaluruh nepi ka jaman raja-raja.
Jadi kumaha atuh, Wa? Ari Uwa téh saha sabenerna?
Panjalu, 30 Januari 2019      

Selasa, 29 Januari 2019

Demokrasi Tipu-tipu

Jang, apa kabarmu hari ini? Lama sekali aku tak jumpa kamu. Ah, bukan lama, tapi belum pernah sama sekali. Baru sekarang kita bersua tapi sepertinya aku sudah lama sekali mengenalmu. Kamu seperti hantu dari masa lalu, yang mustahil musnah sebelum aku benar-benar mati. Ya, Jang, demikianlah rumus kehidupan yang aku pahami. Bahwa hidup kita bukan ujug-ujug, bukan mendadak jadi, tapi adalah  akumulasi dari masa lalu dan masa lalu. Tidakkah sedetik yang lalu juga adalah masa silam?
Kopi, Jang? Ngopinya sambil makan camilan nangka goreng bikinan istriku. Kemarin ada tetangga kasih nangka yang telalu matang, sehari sudah mulai busuk-busuk. Menggorengnya dengan tepung adalah cara kami menikmati kebusukan nangka yang tak bisa terelakkan. Demikianlah manusia, Jang. Dan biar hidup selalu asyik memang mungkin musti begitu: kalaupun nasi sudah jadi bubur, tinggal tambahkan saja bumbu sesuai selera, dan kita santap dengan riang gembira. Kan manusia sudah dibekali kreatifitas oleh Sang Maha, ya tinggal digunakan.
Terima kasih lho sebelumnya kamu mau mampir kemari dan menemani minum kopi. Akhir-akhir ini jarang ada yang berkunjung kemari. Mungkin karena rumahku jauh dari kota tempat sebagian besar kawanku berumah. Atau barangkali sudah merasa cukup degan jumpa di media sosial saja. Apakah silaturahiem virtual macam itu benar-benar mampu menggantikan perjumpaan macam ini?
Aku setuju, Jang. Perjumpaan tubuh memang tidak bisa diwakili dengan hanya video call apalagi sebatas berbalas komentar di FB atau twitter. Tidak, Jang. Tidak tergantikan. Tapi silaturrahiem virtual macam itu menurutku perlu juga. Sebab zaman memang sudah seperti ini. Yang maya kadang-kadang terasa lebih nyata ketimbang yang nyata itu sendiri.
Lihat saja orang-orang yang berdebat di FB atau perang di twitter. Mereka serasa lebih serius menanggapi omongan jempol, maksudku omongan hasil ketikan jempol,  ketimbang berdiskusi wajah ketemu wajah. Tentu akan berbeda rasanya, Jang. Lihat saja hari ini, aku dan kamu duduk berhadapan, menikmati kopi dan nangka goreng, bercakap tentang ini itu, tentang banyak hal tanpa sinyal 4G dan kuota, dan percakapan kita sejauh ini lancar-lancar saja. Dan yang paling penting aku menikmatinya. Tidakkah ini lebih manusiawi? Aku bisa berbicara denganmu sembari melihat kamu bernafas, memperhatikan gerak-gerikmu, air mukamu. Aku menangkap hampir semua bahasa komunikasimu. Apa? Video Call?
Menurutku tidak, Jang. Video call, meski aku bisa lihat wajahmu, tetap saja tidak seutuh jika kita berjumpa di alam nyata macam ini. Aku bisa cium baumu. Hal itu tentu tidak bisa aku lakukan jika yang kutatap hanyalah layar gawai atau komputer.
Memang, ini cara purba. Tapi aku lebih menyukainya. Aku tidak paksa kamu harus sependapat dengaku. Boleh kita berbeda tapi aku harap kita bisa saling menghormati. Oh, tidak, Jang, aku bukan nyontek dari para politisi itu. Memang itu kalimat sloganistik yang dewasa ini ramai diucapkan politisi. Katanya untuk meredam panasnya pemilu. Tapi menurutku itu cuma akting murahan saja. Aku berani sombong.  Aku mengatakan kalimat itu, barusan, tentang menghormati perbedaan, lebih tulus ketimbang sejuta politisi yang mengatakan itu berulang kali.
Bukan berburuk sangka, Jang. Aku sih realistis saja. Kamu lihat sendiri cara mereka berkampanye, apalagi di media sosial. Mereka bilang menghormati perbedaan tapi cara mereka berkampanye tidak mencerminkan itu. Konyol sekali. Bullshit…!
Oh, maaf. Aku tidak tahu kamu seorang anggota tim kamanye, Jang. Maaf, kalau kamu tersinggung. Aku benar-benar tidak bermaksud menyinggung. Aku hanya mengutarakan pendapat dan aku kira banyak orang yang sependapat denganku prihal itu.
Iya, aku sudah menebak pasti kamu berkata demikian. Demikianlah kalian. Ketika berhadapan dengan pernyataan macam yang aku katakan barusan kalian pasti bilang itu bagian dari strategi kampanye. Bahwa menjelek-jelekkan lawan dengan fitnah dan hoax itu bagian dari strategi kampanye? Lho, kan kamu yang bilang tadi bahwa apa-apa yang kalian tulis dan sebarkan di media sosial itu adalah bagian dari strategi kampanye? Dan yang aku temukan, kalian itu lebih banyak menyerang lawan, menyebar fitnah dan berita bohong ketimbang membincangkan gagasan-gagasan konstruktif dan memberi solusi alternatif yang masuk akal.
Ah, sama saja. Buatku tim kamu atau lawanmu sama saja. Cara-cara kalian berkampanye sangat tidak beradab, kontra edukasi, destruktif terhadap akal sehat dan slogan kalian sendiri: menghormati perbedaan. Ya, mungkin petinggi kalian sering bicara yang baik-baik di depan wartawan. Itu kan cuma akting saja. Pencitraan. Tipu-tipu saja, Jang. Politik kan ada panggung depan dan panggung belakang. Akui saja. Seperti debat kemarin itu, bukankah itu kompetisi yang konyol? Tipu-tipu?
Bukan. Bukan maksudku menghina. Ayolah, Jang. Lihat pakai akal sehat, jangan pakai fanatisme dulu. Memihak boleh, tapi jangan sampai akal sehal kita auto konslet sedetik setelah memantapkan dukungan politik. Jagoan kalian kan bukan malaikat, Jang. Pasti ada saja salah dan kurangnya. Mauku, ya kekuragan itu akui saja. Masyarakat juga kan tidak bodoh-bodoh amat, Jang. Mereka sadar ini bukan pemilihan dewa atau tuhan. Ya, yang wajar saja.
Lho, wajar bagaimana? Apa kamu anggap wajar kalau yang katanya kompetisi lima tahunan ini disebut perang partai tuhan versus partai setan? Wajarkah? Apakah kamu bilang wajar kalau ada klaim bahwa barangsiapa memilih si anu dijamin masuk surga? Ayolah! Akal sehat macam apa yang bilang itu wajar?
Kalau begini terus, aku akan menyimpukan bahwa demokrasi kita akhirnya hanya demokrasi tipu-tipu. Demokrasi yang dibangun diatas kebohongan-kebohongan. Sebenarnya, Jang, aku beranggapan bahwa boleh saja sistem kita demokrasi tapi jauh di dalam kepala, mentalitas kita masih sama sejak VOC datang kemari. Akhirnya demokrasi kita demokrasi rasa feodal. Demokrasi feodalistik. Alam pikir kebanyakan dari kita belum siap dengan demokrasi yang betul-betul demokratis.
Memang, Jang, proses. Kita tidak bisa ujug-ujug jadi demokratis sampai ke dalam pikiran. Sejarah feodalisme kita sangatlah panjang dan mengakar menembus ubun-ubun. Tapi aku mohon padamu dan kawan-kawanmu. Buatlah proses pendewasaan demokrasi yang waras, asyik dan penuh kegembiraan dan cinta kasih. Jangan sampai nurani dan akal sehat kita terpaksa dimakamkan atas nama menegakkan demokrasi. Kan malah absurd.
Aduh, maaf, Jang. Karena lupa menghisap asap tembakau jadinya percakapan kita panas tidak keruan. Mau bako?
 
Panjalu, 29 Januari 2019

Ciamis Jadi Galuh: Lagu Lama Kaset Baru?

  “Duh, meni norowélang kitu ngadongéngkeun Situ Panjalu. Na urang mana kitu ujang téh?” “Abi kawit mah ti Panjalu, Galuh palihan kalér.” ...