Ulah
dianggap cologog nya, Wa. Uing mah ukur hayang nanya, nyacapkeun kapanasaran. Ari
Uwa Léngsér téh sabenerna saha? Cenah aya nu nyebut Uwa téh Batara anu sakti
mandraguna, anu salah sahiji tugasna ngurus jeung ngingetan raja. Dina
implengan uing mah meureun siga Dewan Pertimbangan Presiden jaman ayeuna. Aya ogé
nu nyebut Uwa téh sarupaning Semar dina lalakon wayang. Ongkoh rahayat, purah
ditutah-titah tapi dihormat leuwih-leuwih ti pangkat Patih. Malah sakapeung sok
wani nyarékan raja. Uwa téh cenah simbol masyarakat leutik anu naif, polos,
lucu tapi ogé pinter. Loba akal anu teu disangka-sangka.
Jih,
naha kalah malik nanya? Apanan uing nanya téh pédah teu apal anu sabenerna. Apal
sautak-saeutik téh ladang tatanya, ladang ngobrol jeung para budayawan jeung
maca sakotrét waé mah ngeunaan Uwa. Tapi da dina bacaan téa sok kalah réa vérsi.
Komo tatanya ka jalma mah, beuki anéh jeung réa deui waé vérsina anu lamun
disambung-sambung mah lain kalah nyambung ieuh tapi kalah siga benang
pajeujeut, lieur mémérésna. Ulah boro ngeunaan carita jeung asal-usul, kadar
sesebutan gé apanan rupa-rupa. Aya nu nyebut Aki Léngsér, aya nu nyebut Batara
Léngsér, aya ogé nu ngauwakeun, jadi nyebutna Uwa Léngsér. Uing mah rék nyebut
Uwa wé nya ngarah jiga nu loma. Apanan keur usum ngauwakuen ka saluhureun
ayeuna mah.
Apanan
ceuk uing gé bieu matak lieur da loba vérsi téa. Tapi da kitu meureun ari nu
ngarana carita rakyat mah. Teu bisa dipanjara dina hiji carita tunggal anu ngandung
kacindekan absolut da carita rakyat mah lain perkara hukum atawa sains, lain
perkara salah jeung benerna carita. Nu leuwih
utama nya meureun perkara eusina anu cenah ngandung siloka jeung sasmita,
teuleumaneun anak incu jangeung bekel milampah hirup.
Ayeuna
mah kitu, Wa. Uwa gé apal sorangan meureun. Kangaranan Léngsér pasti identikna
jeung upacara adat mapag pangantén. Aya ogé nu nyebutna upacara pangbagéa atawa
ukur prosési seni mapag pangantén. Tapi dina carita pantun Mungdinglaya
Dikusumah asana teu kitu ieuh lalakon Uwa téh. Dicaritakeun Léngsér téh hiji jélma
utusan raja. Malah apanan kacaturkeun Léngsér Muara Bresbes jeung Léngsér Pajajaran
perang tanding, gelut rongkah marebutkeun honjé. Kabayang saktina Uwa nepika
euweuh nu meunang euweuh nu éléh cenah.
Kutan?
Kakara ngadéngé? Jih, naha Uwa teu apal kana sajarah sorangan geuning? Kadé,
ah, Wa! Bisi beunang ku paribasa jati kasilih ku junti. Arisi heueuh ayeuna téh
jaman modérn, malah mah postmodérn cenah ceuk para sarjana mah. Jaman saenggeus
modérn anu sarwa liur, likuid, cair. Geus teu jelas watés-watés antara hiji hal
jeung hal nu sején. Kaasup geus pacampurna anu modérn jeung tradisi. Postmodérn
téh cenah mangrupa réspon tina modérnitas anu geus dianggap dékadén, geus teu
kompatibel jeung kaayaan manusa jaman kiwari anu sarwa hibrid.
Puguh
éta ogé anu jadi pikiran uing. Naha Léngsér anu ayeuna aya dina upacara adat
mapag pangantén téh Léngsér postmodérn? Atuda rék teu kapikiran kumaha? Lamun énya
Uwa téh Batara, asa kaleuleuwihi lamun Barata ngabodor bébéakan népi ka
jujungkiran. Jeung asa teu pantes wé. Katambah ayeuna mah geus ilahar lamun aya
Uwa Léngsér pasti aya Si Ambu. Di sababaraha panggung sakapeung Si Ambu téh
purah dipaénkeun ku awéwé asli. Tapi teu saeutik ogé anu dipaénkeun ku lalaki
anu dangdan jiga awéwé. Ih, sabeuleugeunjeurna, Wa. Malah sok maké kutang anu
dieusian ku bubuntelan atawa balon ngarah katempo siga susu alias pinarep téa. Bujur
wé dibantalan ngarah siga nu demplon.
Rupa-rupa,
Wa. Aya kalana Si Ambu téh jiga nini-nini. Kolot, bongkok, maké kabaya. Meureun
ngarah serasi jeung Uwa, sarua kolotna. Tapi ayeuna mah aya ogé Ambu Léngsér
anu ngora, dangdan geulis jiga Chelse Islan, maké high heels, maké bulu mata
geus alahbatan Syahrini, jeung sajabana. Dangdanan Léngsérna gé geus araranéh. Karakterna
gé rupa-rupa. Aya Léngsér anu teu béda jeung pamaén calung. Maksudna tukang
ngabodor. Bodor wé jeung bodor. Aya Léngsér anu daria tur wijaksana lir enya-enya
kolot anu ngurus kawinan budakna. Aya ogé anu campur antara daria jeung bodor. Lah,
pokokna mah geus rupa-rupa intérprétasi nguenaan wujud jeung karakter Uwa téh.
Kuduna
gé uing nu nanya, saha ari Si Ambu téh? Naha bener éta pamajikan Uwa? Selingkuhan?
Kabogoh? Anak? Atawa incu? Jih, uing mah nyaritakeun téh ladang nempo wé. Da apanan
kitu kaayaanana di panggung hajat mah. Kosi sih uing ngadéngé kasang tukangna
ngeunaan ayana Si Ambu dina upacara mapag pangantén basa keur miluan Pertemuan
Teknis Pasanggiri Mapag Pangantén di Cimahi taun 2018. Harita Kang Édi Mulyana,
dosén tari ISBI Bandung, nyarita. Hiji waktu anjeuna jeung baladna, Kang Lili
Suparli, dosén karawitan ISBI Bandung, kaul dina hajatan salah sahiji seniman. Uing
poho deui saha ngaranan. Tah, kangaranan kaul, jaba hajat seniman sénior, loba
tah anu hayang aub ngarojong. Saenggeus dibagi-bagi peran saha anu nari ieu
saha anu bagéan itu, aya salah saurang awéwé anu teu kabagéan peran. Nya ku
Kang Édi jeung Kang Lili tuluy wé dijadikeun Ambu. Tugasna maturan Léngsér. Kitu
dongéng Kang Édi mah. Tapi teuing. Naha ti saprak harita ayana Ambu téh? Atawa
geus aya ti saméméhna?
Ih,
saha nu nyebut dosa? Sah-sah waé ceuk uing mah da kasenian mah lain agama. Agama
gé apanan tuluy ngigelan jaman. Miindung ka waktu mibapa ka jaman. Tungtungna mah
urusan karesep, Wa. Uing pribadi mah teu pati resep kana Léngsér anu motah
kaleuleuwihi. Kitu deui Ambuna. Sok sanajan uing ogé remen kacida sapanggung
jeung nu modél kitu. Tapi loba ogé anu ngidolakeun paripolah Léngsér anu motah,
anu lamun manggung téh sok nepi ka lécét tuur alatan labuh da ngibingna bébéakan
jiga nu weureu ciu juhlas botol. Payu, cenah. Léngsér anu teu motah, nu teu
pikaseurieun mah sok tara kaajakan manggung.
Bingung
ogé uing, Wa. Heueuh, baheula mah cenah mapag panganten téh kudu khusu, khidmat
da nikah téh upacara anu sakral. Lain lalaworakeuneun, komo ukur bobodoran. Nikah
téh lain ukur perkara kadunyaan tapi ogé aya diménsi spiritualna. Malah mun
bisa sakali saumur hirup. Naha pantes hiji hal anu sakral direureuah ku bodor
anu kamalinaan jiga nu keur usum ayeuna? Jaman baheula gé aya meureun bobodoran
dina hajatan mah. Hiburanana. Tapi lain eukeur mapag calon atawa pangantén meureun.
Aya waktuna séwang-séwangan. Ari jaman ayeuna, énya jaman postmodérn téa, geus
pacampur nu mana nu sakral nu mana nu profan. Nu mana nu daria nu mana nu
heureuy.
Tapi,
jigana lain ukur seniman upacara adatna anu robah, Wa. Masyarakatna gé geus
ngiser meureun. Pandangan masyarakat kana upacara pernikahan téh geus béda
meureun jeung jaman aki nini uing baheula. Ayeuna mah nu ngarana upacara téh,
upacara naon waé, sigana leuwih beurat kana pesta, party téa ceuk urang
deungeun mah. Haha hihi malulu. Barina gé cenah mah ngararamé nu kawin ku prosési
seni nu ayeuna ilahar disebut upacara adat mapag pangantén téh atawa upacara
pangbagéa, éta téh kamonésan seniman Sunda béh dieu. Ceuk Kang Godi Suwarna mah éta téh
alpukahna Wahyu Wibisana, mun teu salah. Jadi lain titinggal Prabu Siliwangi
atawa Prabu Niskala Wastu Kancana.
Nya
aya meureun baheula gé nu ngarana upacara jatukrami mah da di unggal kabudayaan
gé pasti aya waé. Tapi pan urang teu apal kumaha bentuk jeung tata carana. Pegat,
Wa. Teu jiga di kabudayaan Jawa anu cenah mah puguh bisa dipaluruh nepi ka
jaman raja-raja.
Jadi
kumaha atuh, Wa? Ari Uwa téh saha sabenerna?
Panjalu,
30 Januari 2019
Tidak ada komentar:
Posting Komentar